Pengenalan Drama


1. Wangenan Drama
Nurutkeun étimologina, kecap drama téh asalna tina basa Yunani, nya éta tina kecap drama anu hartina “gerak” (Asmara, 1979:9). Tina éta kecap, bisa ditapsirkeun yén drama téh karya sastra anu ngutamakeun gerak jeung tingkah laku. Saupama euweuh gerak, heunteu bisa disebut drama, lantaran unggal-unggal karangan atawa naskah drama miharep ayana gerak atawa réngkak paripolah anu ngagambarkeun kahirupan manusa.
Luyu jeung keterangan di luhur, Rusyana (1982:3) netelakeun cirri-ciri karangan drama anu unina, “Karangan drama isinya memaparkan percakapan dan perilaku. Dari percakapan dan perilaku itu tersusun suatu cerita, perwatakan, dan suatu cerita. Karangan drama biasanya disuse untuk dipertujukan”. Keterangan sejenna ngeunaan drama. Nya eta carita anu ngadung tema tangtu, diebrehkeun make dialog jeung rengkak paripolah palakuna (Sumardjo &Saini K. M. 1986:31).

2. Sejarah kamekaran drama
Dina kahirupan masyarakat (sunda) geus nyampak seni anu geus lila tumuwuh sarta hirup ti generasi ka generasi; nu mangrupa seni pintonan, diantarana bae longser. Dina kamekaran nu saterusna, wangun pintonan dirarobah jadi hiji seni pintonan anu dilarepkeun kana wangun sandiwara rakyat. Jejer caritana biasana dicokot tina carita-carita buhun anu geus nyampak di masyarakat, upamana bae sarita pantun jeung dongeng, saperti “Lutung Kasarung“, “Mundinglaya Dikusuma“, jeung “Si Kabayan“.
Naskah drama nu munggaran aya di Tatar Sunda, dipikawanoh bareng jeung ayana lakon nu katelah Gending Karasmen. Gending Karasmen mimiti dipikawanoh ku masyarakat sunda kira-kira taun dua puluhan, sanggeus masyarakat wanoh kana Opera Barat Komedi Istambul. Iye luyu jeung pamanggih Rusyana (1992 : 147) anu ngeceskeun yen gelarna sandiwara di urang saentragan jeung Komedi Istambul dina basa melayu (gelar dina awal abad ka-20) jeung ketoprak jawa. Bareng jeung gelarna sandiwara, gelar deui Gending Karasmen.
Satuluyna drama teh model Gending Karasmen leuwih mekar, kabuktian ku ayana para pangarang gending karasmen saperti R. Mahyar Anggakusumadinata, R. Memed Sastraprahadiprawira, jeung M.A. Salman.
Ku ayana rombongan Dardanela nu mawa pangaruh kesenian teaterikal barat dina abad ka-19, nepungkeun aliaran teater barat jeung aliran teater tradisi nu nyampak di masyarakat Indonesia, kaasup kana kasenian nu anyar di tatar sunda. Naskah drama asup kana bagian kagiatan teaterikal di tatar sunda (Jawa Barat ) ku alpukahna R.T.A Sunarya nu nyiptakeun Gending Karasmen Lutung Kasarung, dumasar kana carita pantun; R. Memed Sastrahadiprawira nyieun “Kindran Kamasan“ anu diwuwuh ku sajak, jeung sangkuriang nu direka Utuy Tatang Sontani.
Mimiti dipagelarkeun Gending Karasmen nya eta taun 1923 sakumaha anu ditetelakeun ku Isakandarwassid (2003 : 61) nu ngeceskeun yen dina taun 1923 Raden Kartabrata magelarkeun carita “Lutung Kasarung“ dina wangun Gending Karasmen.
Naskah-naskah drama sejena dina wangun gending karasmen diantara nya eta : “Sangkuriang“, beunang R.T.A Sunarya, “Mundinglaya Dikusuma“, “Inten Dewata“, “Galunggung Ngadeg Tumenggung“, jeung “Nyi Rambut Kasih“, benang Wahyu Wibisana; “Si Kbayan Balangantrang“ beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara: “Leuwi Sipatahunan“ jeung “Saija jeung Adinda “, “sarta Sri Baduga Maharaja” beunang R.A.F jeung Koko Koswara;sarta “ Lutung Kasarung “ beunang Sayudi.
Dina kamekaran saterusna, lahir anu disebut drama modern dina taun 1950-an, wangunna lancaran, nu dialpukahan ku Utuy Tatang Sontani nu nulis drama tilu babak “Sangkuriang-Dayang Sumbi“ (1953) anu satuluyna dirobah jadi “Sangkuriang” (1955). Karya-karya drama sejena nu disebut modern diantarana bae nyaeta “Dakwaan“, “Babat “ jeung “ Jalan Leumpang” beunang R.T.F ; “Dua Utusan“, “Suling jeung Peuting“, “Tina Jandela“, “Bawa Kuring ka Ciawang“, beunang Wahyu Wibisana; “Hutbah Munggaran di Pajajaran “ beunang Yus Rusyana; “Nu Mulang“ jeung “Kanyaah Indung“ beunang Min Resmana; “Masitoh“ beunang Ajip Rosyidi; “Bandung Lautan Api“ beunang Rukasah S.W; jrrd. Najan sok kapangaruhan ku sastra Indonesia, malayu malah asing, tapi dina ngagelarkeunnana mah tara leupas tina tradisi sastra jeung budaya sunda.

3. Bagbagan Drama
Drama teh dipasing-pasing dumasar kana (1) cara mintonkeunana, (2) sipatna, (3) babagian drama jeung (4) unsur-unsur drama 3.1 Dumasar Cara Mintonkeunana
Dumasar kana cara mintonkeunana, drama teh kabagi kana opat bagian, nya eta drama rakyat, drama modern, drama klasik, jeung gending karasmen.

d. Drama Rakyat
Drama rakyat nyaeta drama nu asalna ti rakyat sarta tumuwuh dikalangan rakyat, biasana aya jeung dipake dina kagiatan atawa upacara-upacara nu sipatna tradisi. Ieu hal luyu jeung sakumaha anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 23) yen anu dimaksud drama rakyat teh nyaeta kagiatan dramatik anu dilakukeun ku masyarakat dina rupa-rupa upacara sosial kaagamaan; drama anu asal sarta tumuwuh di kalangan masyarakat. Contona : longser.

e. Drama Modern
Drama modern teh biasana sok disebut tunil atawa sandiwara, disebut drama modern kusabab dina pagelarana geus aya jarak antara nu lalajo jeung nu maen (panggung, make-up,dialog ), sarta aya naskah (teks). Contona drama : drama tilu babak “Sangkuriang-Dayang Sumbi“ beunang Utuy Tatang Sontani (1953), “ Masitoh “ beunang Ajip Rosidi, jrrd.

f. Drama Klasik
Drama Klasik nya eta drama carita anu medar caritana ngeunaan kahirupan dewa-dewi (Yunani). Contona : Naskah drama “The Legend of Yunani“ karya William Sheksphere.
g. Gending Karasmen Gending Karasmen sok biasa disebut drama swara, nya eta carita nu dialogna dina wangun kawih, dipirig ku waditra (Iskandarwassid, 2003 : 6) sedengkeun Rusyana (1992 : 145) ngeceskeun, nu disebut gending karasmen teh nya eta drama anu pagunemanana ditembangkeun. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1995 : 144) disebutkeun yen gending karasmen nya eta sandiwara ku tembang atawa leuwih dipirig ku gamelan, opera. Contona : “Sangkuriang“, beunang R.T.A. Sunarya, “Nyi Rambut Kasih“ beunang Wahyu Wibisana, “Lutung Kasarung“ beunang Sayudi, jrrd.
Nilik kana pamedegan di luhur, bisa dicindekeun yen gending karasmen bias disebut drama swara atawa sandiwara anu dialog-dialogna dina wangun kawih atawa tembang sarta dipirig ku waditra ( Gamlean ).
* Dumasar kana sipatna

Sipat drama bias dipilah-pilah. Sakumaha anu ditetelakeun ku Tarigan (1993 : 82) yen sipat drama kabagi kana opat jenis, nya eta tragedi, komedi, melodrama, jeung farce.

a. Tragedi
Tragedi nya eta drama anu pinuh ku hal-hal anu pikasediheun, katunggaraan, alatan ku teu biasa ngalawan nasib (Asmara, 1979 : 50), sedengkeun Sudjiman (1990 : 15) ngeceskeun tragedi teh nya eta :
“……..cerita yang meluluskan pertentangan diantara pratagonis dengan kekuatan yang luar biasa, yang berakhir dengan keputusan atau kehancuran sang pratagonis……drama yang menampilkan tokoh yang sedih dan muram yang terlibat dalam situasi gawat karena sesuatu yang tak menguntungkan, keadaan ini mengantarkan tokoh
kepada keputusan dan kehancuran yang luar biasa yang berakhir dengan malapetaka atau kesedihan.,”
Iskandarwasssid (2003 : 163) nyebutkeun yen istilah tragedi mindeng digunakeun dina ulikan sastra, utamana dina (carita) drama. Midangkeun adegan-adegan penting tur serius anu ngabulakarkeun carita (asoy, kamaya, sedih, jste.) keur palaku utama ( pratagonis ); ku lantaran nasib, kalemahan moral tokoh atawa teu kuat nahan paneka masyarakat. Dumasar kana pamadegan-pamadegan di luhur, jadi nu di sedut (drama) tragedi teh nya eta carita (drama) anu enas-enasna mah nyaritakeun hal-hal anu pikasediheun nu kaalaman ku palaku utama ku sabab nasib anu mihak ka manehna.

b. Komedi
Komedi teh nya eta drama atawa carita anu pungkasna kabagjaan keur palaku utama atawa temana henteu tragism rupa-rupa pagelaran anu ngolah humor sarta dipungkas ku kabagjaan palaku utama (Iskandarwassid 2003 : 64)
Pamadegan Asmara (1979 : 500) ngeceskeun yen komedi teh nya eta drama anu pinuh kupikseurieun sarta dipungkas ku kagumbiraan atawa hiji pananya ka nu lalajo. Sedengkeun pamanggih Sudjiman (1990 : 23) netelakeun yen disebut komedi teh nya eta “lakon ringan yang sipatnya menghibur, walaupun secara keseluruhan dalam ceritanya ada sindiran, dan berakhir dengan kegembiraan.“
Mun dicindekeun anu disebut drama komedi teh nya eta carita (drama) nu pinuh ku hal-hal pikaseurieun (sabalikna tina trgedi), ngahibur, jero pagunemana biasa mangrupa sindir sampir, sarta ahir caritana pikabungaheun.

c. Melodrama
Melodrama nya eta drama anu rea ngolah konflik batin, rea ngolah anu ngagambarkeun gerakna lautan rasa (Iskandarwassid 2003 : 82). Melodrama mangrupa lakon atawa sentimental ngegeterkeun jajantung sarta pikasediheun ku sabab ngagarap alur jeung kalakuan anu kaleuleuwehi, sedengkeun penokohanana kurang diperhatikeun. Melodrama disa disebut oge sandiwara sedih.

d. Farce
Farce nya eta carita ( drama ) anu caritana leuwih nyoko kana alur caritaan tinimbang kana penokohan atawa kana karakteristik, sarta caritana pikalucueunana kaleuleuwihi atawa sangeunahna. Nurutkeun Jhon jeung Hasan (1990 : 223), farce adalah pertunjukan jenaka, sandiwara pelawak/lelucon.

5.3 Babagian drama
Babagian drama anu raket jeung drama dina wangun pintonan nya eta babak, adegan, prolog,dialog,pasemon jeung epilog.

a. Babak
Babak nya eta bagian tina drama anu ngarangkum sakabeh kajadian lumangsung dina hiji tempat dina urutan waktu nu tangtu; gabungan atawa kumpulan tina sababaraha adegan dina hiji drama (Eneste, 1994 : 18).
Pamadegan anu sarua ditepikeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen babak nya eta ngarangkum sakabeh kajadian nu lumangsung di hiji tempat tina urutan waktu nu tangtu. Sedengkeun nurutkeun Sudjiman (1990 : 11) nu disebut babak nya eta bagian tina drama atawa lakon.

b. Adegan
Adegan nya eta tempat lumangsungna hiji kajadian, nu mangrupa bagian tina babak dina drama nu ngahasilkeun hiji pasualan atawa hiji akibat nu tangtu (Sudjiman, 1990 : 2)
Pamedegan nu sarua ditetelakeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen anu disebut adegan teh nya eta bagian tina babak anu watesana ditangtukeun ku robahna kajadian anu patali jeung dating atawa inditna saurang palaku carita kaluar panggung.
Eneste (1994 : 13 netelakeun yen anu disebut adegan nya eta bagian tina babak dina drama, anu watesana ditangtukeun ku robahna kajadian kusabab datangna saurang atawa sababaraha urang palaku carita dina panggung, atawa inditna saurang atwa sababaraha urang palaku carita dina panggung.
Iskandarwassid (2003 : 17) netelekeun yen ciri atawa tanda ganti adegan nya eta lamen ganti jejer paguneman, biasa jadi lantaran asup palaku sejen atawa aya kajadian sejen, tapi henteu ganti tempat, henteu aya watu pegat , sarta henteu ganti episode.

c. Prolog
Dina naskah drama teu sakabeuh naskah aya prolog. Upama ditilik, prolog mibanda mangpaat mangrupa salah sahiji sarana anu aya gunana pikeun nu lalajo atawa anu maca (sastra) sangkan menang gambaran ngenaan masalah , gagasan (ide), amanat pangarang, jalan atawa galur carita, kasan tukang, palaku-palaku nu makalangan, jste. Makdsudna pikeun mantuan nu maca atawa nu lalajo dina nyangkem atawa neleman karya. Ieu hal luyu jeung anu ditetelakeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 138) prolog nya eta bubuka tina bagian naskah, mangrupa panganteur naskah anu eusina bisa atawa
sababaraha katerangan atawa pamadegan pangarang ngeunaan carita nu rek ditepikeun.
Sudjiman (1990 : 63) ngeceskeun yen nu disebut prolog teh nya eta “ pembukaan atau permulaan yang mengantarkan karya sastra dan yang merupakan bagian karya sastra tersebut, prolog dahulu sering terdapat baik dalam drama maupun roman.”
Prolog teh ditulisna dina awal drama, jadi manggala sastra, di eusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang ngeanaan lalakon anu baris disuguhkeun (Rusyana, 1992 : 139).

d. Dialog
Bagian nu kacida pentingna, sarta sacara lahiriah ngabedakeun antara sastra drama jeung fiksi liana nya eta dialog. Ieu hal luyu jeung nu ditetelakeun ku Hartoko (1992 : 128) yen dialog-dialog mangrupa bagian tina naskah nu mangrupa paguneman antara hiji palaku jeung palaku nu sejenna. Sakumaha nu dieceskeun ku Iskandarwassid (2003 : 99) yen istilah dialog nya eta paguneman nu ngandung harti omongan sual jawab nu keur carita, antara dua jelema atawa leuwih. Carita bisa dirakit dina wangun paguneman sagemblengna nya eta dina carita drama.
Numutkeun Sudjiman (1990 : 20) nyebutkeun nu disebut dialog teh nya eta paguneman dina karya sastra dua jelema atawa leuwih, pikeun ngungkabkeun wateuk jeung pikeun ngalancarkeun carita. Dina dialog kagambar lahirna pamikiran atawa pamadegan.
Nurutkeun Rusyana (1992 : 20) yen nu dimaksud paguneman teh kalimat langsung para palaku anu silih tempas. imiti ditulis ngaran palaku, ti dinya ditulis omongan eta palaku. Gegedena tina karangan drama mah nya eta paguneman. Tegesna paguneman teh mangrupa lulugu tina karangan drama.

e. Pasemon
Pesemon, semu atawa paroman nya eta gambaran rasa hate dina beungeut (LBSS 1995 : 4680). Numutkeun Asmara (1979 : 49) nyebutkeun pasemon atawa mimik nya eta ekpresi robahna beungeut pikeun mere gambaran emosi anu kaalaman ku palaku.

f. Epilog
Epilog sabalikna tina prolog. Prolog ditempatkeuna di hareup nu mangrupa bubuka naskah, sedengkeun epilog ditempatkeun di tukang, mangrupa panutup. Eusina biasana kacindekan pangarang ngenaan carita ; aya oge nu ditambahan ku wejangan atawa amanat. Malahan aya epilog nu duwuwuhan ku panuhun pangarang jeung para pamaen ka nu lalajo. Saluyu jeung anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 28) yen epilog teh nya eta bagian panutup anu di tambahan kana hiji karya sastra. Fungsina nepikeun inti sari carita atawa napsirkeun eta karya.
Rusyana (1992 : 139) sarua netelakeun yen epilog di tulis tina panutup drama, dieusi ku kacindekan lalakon atawa nasehat.

4. Wincikanana unsur drma teh nyaeta:
1. Tema (Bs. Inggris thema) nyaeta 'pikiran pokok', sarta jadi gambaran kana palsapah eusi naskah tea.
2. Amanat, nyaeta naon tujuan anu hayang dihontal ku nu ngarang eta naskah.
3. Plot, nyaeta susunan lalakon, sok disebat oge skenario. Ciri plot nyaeta ayana sabab akibat. Pikeun milari plot tina hiji carita nyaeta ku cara nanya: Ku naon, naha.
4). Watek atanapi karakter. Nu dimaksud di dieu nyaeta watekna para palaku drama, sanes watekna drama. Watek ti para palaku ieu pisan anu engkena ngawangun 'plot', diwujudkeunana dina peran palaku tea. Kapan sok aya nu naros: Peranna naon?watekna kumaha?
a. Watek protagonis, nyaeta watek anu diperankeun ku pamaen utama, nu boga lalakon.
b. Watek antagonis, nyaeta watek nu jadi pamaen utama. Ku ayana peran antagonis ieu pisan timbulna konflik anu jadi unsur plot.
c. Watek tritagonis, nyaeta peran pihak katilu, biasana pihak anu memeres kajadian.
d. Watek pangjangkep, nyaeta peran jelema sanesna anu diperlukeun pikeun ngarengsekeun carita.

Referensi :http://mgmpsundaksmi.blogspot.jp/2012/05/pangajaran-drama.html

Pengenalan Pamandu Acara

      MC (Master of Ceremony) nyaéta jalma nu dipercaya pikeun ngatur jeung nyusun runtuyan acara, nangtukeun sarta ngahaturanan saha-sahana nu kudu cacarita dina éta acara. Lantaran teu galib, pangpangna teu parok nurutkeun budaya lamun nu boga pamaksudan, torojogan ujug-
ujug cacarita atawa biantara bari ngagorah nepikeun maksud jeung tujuanana. Meureun asup kana paribasa ngeupeul ngahuapan manéh téa. Cindekna pancen MC téh  sangkan dina prakprakan acara/upacara bérés roes, henteu acak-acakan, malar puguh susunanana, puguh éntép seureuhna.
      Di sagedengeun istilah MC urang oge sok sering deuih nguping istilah moderator (panumbu catur). Dina sawala (diskusi), kongrés atawa seminar-seminar, biasana kacida merlukeunana panumbu catur (moderator). Ari peran jeung pancén panumbu catur téh kawilang penting, pangpangna pikeun ngatur patalimarga atawa jalanna sawala (diskusi) sangkan henteu awut-awutan. Panumbu catur nu parigel mah biasana bisa ‘ngahirupkeun  suasana’ nepi ka sawala téh jadi hégar, henteu “ngeuyeumbeu” atawa henteu monoton. Lian ti éta, panumbu catur ogé ngabogaan pancén pikeun ngawanohkeun jati diri (CV= curriculum vitae) pangjejer ka pamilon. Ari maksudna mah sangkan pangjejer téh ulah aya kesan nikukur atawa nabeuh manéh. Salian ti ngawanohkeun pangjejer ka pamilon, panumbu catur ogé boga wewenang nangtukeun lilana waktu nu diajangkeun pikeun pangjejer keur ngadadarkeun bahasanana, kaasup nangtukeun (nunjuk) saha anu baris dibéré kasempetan pikeun nyarita atawa nanya (pamilon). Sangkan hidep wanoh bédana pancén jeung pok-pokanana antara panata acara (MC) jeung panumbu catur (moderator), kapidangkeun ieu di handap.

Referensi : Buku Pamekar Diajar  BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII

Pengenalan Tarjamahan

      Tarjamahan téh nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén. Istilah séjén sok aya nu nyebut alih basa. Prosés narjamahkeun, boh karya ilmiah boh karya (sastra) biasana diusahakeun sangkan papak pisan jeung aslina. Pangpangna dina karya sastra, kagiatan narjamahkeun téh lian ti mertahankeun segi-segi séjénna, anu pangutamana téh dina segi basana (gaya basa,pilihan kecap, ungkara, jsté.) jeung kualitas senina. Ajip Rosidi (kurang leuwih taun 80-an) kungsi midangkeun artikel nu nétélakeun yén tarjamahan téh kudu "geulis" jeung "satia". Geulis maksudna kaéndahanana kudu bisa kapindahkeun, ari satia maksudna ulah méngpar tina rakitan wacana sumber. 
      Dina périodeu saméméh Perang Dunya II anu réa digarap ku pangarang Sunda téh saduran, lain tarjamahan. Dina saduran mah lain waé "alih basa"-na bébas, tapi karya deungeun téh dipapantes, disusurup jeung kaayaan di urang. Istilah séjén anu sok mindeng digunakeun harita nyaéta salinan atawa nyalin. Dina mangsa saméméhna, nyaéta dina periodeu naskah (manuscript), anu disebut nyalin téh bisa jadi narjamahkeun (bébas), transliterasi atawa transkripsi atawa bener-bener nulad (aksarana, basana teu diganti).

Referensi : Buku Pamekar Diajar  BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII

Pengenalan Artikel

      
     Artikel téh ngabogaan harti salaku hiji karangan faktual (nonfiksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat di media massa. 
Artikel kaasup kategori tulisan views (sawangan, nyaéta tulisan anu eusina sawangan, ideu, opini, kumaha nu nulis ngajén kana hiji masalah atawa kajadian. 
      Artikel téh hartina karya tulis lengkep dina média massa saperti surat kabar, majalah, tabloid, jeung sajabana. Aya ogé nu nyebutkeun, artikel nyaéta tulisan lepas nu eusina mangrupa opini hiji jalma anu ngajujut hiji masalah nu tangtu, sipatna aktual atawa kontrovérsial kalawan udagan pikeun méré nyaho (informatif) jeung ngayakinkeun (pérsuasif arguméntatif), atawa ngahibur 
halayak nu maca (rékréatif). Nu dimaksud lepas téh sabab saha waé bisa nulis artikel, kalawan topik anu bébas, saluyu jeung minat sarta widang kaahlian dirina masing-masing. Nu nulis artikel raket patalina jeung hiji ideu atawa gagasan ngeunaan pasualan jeung solusi anu hayang ditepikeun 
ka halayak. Nulis artikel, biasana miboga udagan pikeun nawarkeun solusi pikeun ngungkulan masalah, ngadidik, ngahibur jeung mangaruhan nu maca. 

Jenis-jenis Artikel
Unggal jenis artikel miboga ciri jeung karakteristikna séwang-séwangan. Jenis-jenis artikel bisa diklasifikasikeun dumasar kana eusi jeung tujuan panulisanana. Di antarana nya éta:

1. Artikel Déskriptif
Nya éta artikel nu eusi jeung tujuanana méré atawa medar informasi ngeunaan hiji perkara atawa hal sacara basajan. Dina ieu artikel teu dipidangkeun pedaran atawa sawala nu rinci (spésific and détail).

2. Artikel Éksploratif
Nya éta artikel nu eusina panalungtikan atawa percobaan basajan nu ngagelarkeun fakta-fakta sapihak ti panulis

3. Artikel Éksplanatif
Nya éta artikel nu tujuanana medar jeung ngajelaskeun hiji perkara dumasar kana sawatara sudut pandang (point of view) nu lian jeung panulis sorangan, nepikeun ka nu maca jadi apal jeung paham kana kasang tukang  éta perkara sacara rinci

4. Artikel Persuasif
Nya éta artikel nu sipatna mangaruhan, ngajak, méré saran, nyingkahan atawa ngalakonan, atawa nangtukeun hiji sikep sarta pamikiran tina hiji perkara. Gurat badag ieu jenis artikel téh eusina ngeunaan masalah, pedaran, jeung kumaha urang atawa pamaca nyikepanana éta perkara.

5. Artikel Prédiktif
Nya éta artikel nu eusina ngeunaan prédiksi atawa ramalan tina hiji pasualan dina mangsa kahareupna. Dina ieu artikel biasana dipidangkeun léngkah-léngkah atawa alternatif solusi pikeun nungkulanana.

6. Artikel Solutif
Nya éta artikel nu midangkeun pedaran ngeunaan ajuan solusi tina hiji perkara. Eusina ilaharna ngeunaan naon-kunaon atawa naha-kumaha kasang tukang gelarna hiji perkara atawa masalah nu aya (nu dipedar), tur kaasup kana pedaran ngeunaan léngkah-léngkah alternatif ngabéréskeunana.

Referensi : Buku Pamekar Diajar  BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII
        

Pengenalan Carita Pantun


Pantun atanapi carita pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur/lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi.

Sajarahna carita pantun :
Pantun mangrupakeun hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518 nu nyebutkeun ngeunaan carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku "prépantun", juru pantun téa. Pantun anu ogé kawilang kuna nyaéta Pantun Bogor nu dicaritakeun ku Ki Buyut Rambéng.
Kamekaran seni pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana carita-carita pantun nu ajénna dianggap luhung, kayaning carita Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Mundinglaya Dikusumah, Déngdéng Pati Jaya Perang, Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalagan, jsb. Di Kanékés nu masarakatna hirup dina budaya kuna, seni pantun téh dalit pisan. Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan/adat di antarana carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.
Kamekaran/kaluhungan seni pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur, misalna, aya R. Aria Cikondang (abad ka-17), Aki Uyut Baju Rambeng ti Bogor (abad ka 19), sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal abad ka-20, di Bandung aya Ucé, sedengkeun dina panengah abad ka-20, nu kawentar téh Pantun Beton "Wikatmana".

Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan kieu:
(1) nyadiakeun sasajén,
(2) ngukus menyan,
(3) "rajah pamunah",
(4) carita ti bubuka nepi ka panutup, sarta
(5) ditutup ku "rajah pamungkas".

Conto Pantun-pantun Sunda :
1. Ciung Wanara
2. Lutung Kasarung
3. Mundinglaya di Kusumah
4. Aria Munding Jamparing
5. Banyakcatra
6. Wentang Gading
7. Badak Singa
8. Bima Manggala
9. Bima Wayang
10. Budak Manjor
11. Budug Basu /Sri Sadana / Sulanjana
12. Bujang Pangalasan
13. Burung Baok
14. Buyut Orenyeng
15. Dalima Wayang
16. Demung Kalagan
17. Deugdeug Pati Jaya Perang / Raden Deugdeug Pati Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan
18. Gajah Lumantung
19. Gantangan Wangi
20. Hatur Wangi
21. Jaka Susuruh
22. Jalu Mantang
23. Jaya Mangkurat
24. Kembang Panyarikan / Pangeran Ratu Kembang Panyarikan
25. Kidang Panandri
26. Kidang Pananjung
27. Kuda Gandar
28. Kuda Lalean
29. Kuda Malela
30. Kuda Wangi
31. Langla Larang
32. Langga Sari
33. Langon Sari
34. Layung Kumendung
35. Liman Jaya Mantri
36. Lutung Leutik / Ratu Bungsu Karma Jaya
37. Malang Sari
38. Manggung Kusuma
39. Matang Jaya
40. Munding Jalingan
41. Munding Kawangi
42. Munding Kawati
43. Munding Liman
44. Munding Mintra
45. Munding Sari Jaya Mantri
46. Munding Wangi
47. Nyi Sumur Bandung
48. Paksi Keling / Wentang Gading
49. Panambang Sari
50. Panggung Karaton
51. Parenggong Jaya
52. Raden Mangprang di Kusumah
53. Raden Tanjung
54. Raden Tegal
55. Rangga Sawung Galing
56. Rangga Gading
57. Rangga Katimpal
58. Rangga Malela
59. Rangga Sena
60. Ratu Ayu
61. Ratu Pakuan
62. Ringgit Sari
63. Senjaya Guru
64. Siliwangi
65. Sangkuriang
66. Sarilaya
67. Sutra Kalang Gading
68. Surulukan Macan

Referensi : Buku Pamekar Diajar  BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII

Pengenalan Novel Sunda


Novel mangrupa salasahiji sastra Sunda, datangna tina sastra bangsa deungeun, lain asli pituin sastra Sunda. Novel nya éta carita rékaan nu rélatif panjang dina wangun prosa sarta miboga alur, carita, jeung karakter anu kompéks. Ku alatan panjang, novel biasana mah sok mangrupa buku.

Mangga Langsung didownload novel Sunda:

Arulin_di_Pilemburan

Wawacan Babad Galuh Asal-Usul Ngaran Kawali

                    Wawacan Babad Galuh Asal-Usul Ngaran Kawali

Pangkur
      Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna maké kawali, jiga nu
reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan, disandingkeun calikna deukeut ka ratu,
kocap Ajar Patih datang, geus aya payuneun gusti.
      Lajéng Ajar téh haturan, jisim abdi ngahaturkeun pangabakti, éta rupina
sakitu, lajéng Ratu mariksa, éta naon geuning kawas rupa daun, pék Ki Ajar téh
haturan, reundeu asal ti nu ngirim.
      Lamun kitu mah petana, manéh Ajar méré seredan ka aing, Ratu beuki
tambah bendu, manéh Ajar kawasa, cing seug taksir mangkéna ngajuru, ieu
pamajikan urang, medal pameget ta istri.
      Ratu ngandika ka Ajar, ieu kasakit ku manéh kudu leungit, manéh anu
nyieun kitu, Ajar henteu tarima, teu mupakat pada jalma nyieun kitu, wondéning
kudu walaras, éta sagala panyakit.
      Sugan baé katarima, sembah puji ka Pangéran sajati, miwah kangjeng
pararosul, ngan éta Nu kawasa, ngaleungitkeun kana sagalaning mahluk, nu
aya di alam dunya, di lahir reujeung di batin.
      Ajar tuluy ngawalonan, nun sumuhun perkawis pariksa Gusti kumaha
kersana ratu, menggah taksiran abdi mah, ari babar mangké éta Nyai Ujung,
geus kantenan moal cidra, putrana éta lalaki.
      Ratu gancang ngabebenda, Ajar manéh téh henteu sayakti, ayeuna kudu
dihukum, sababna hatur dora, lain reuneuh enya sotéh éta nyemplu, meunang
kami ngadandanan, dititah ngandung kawali.
      Tuluy Ajar seuseurian, henteu pisan aya suker saeutik, kajeun teuing Ratu
bendu, manéhna henteu susah, da geus tangtu éta kersana Yang Agung, moal
beunang diowahan, budakna medal lalaki
Sinom
      Cing ayeuna geura buka, ku kami sing katingali, barang brak dibarukaan,
kawali henteu kapanggih, enggeus leungit tanpa lebih, kantun beuteung Ujung
nyemplu, lajeng reuneuh sayaktosna, héran kabéh nu ningali, tambah-tambah
ratu bendu sarta wirang.
      Éta kawali didupak, ku Ajar keur waktu tadi, saméméhna dibukaan, ku Ajar
enggeus ditarik, ninggangna ka sisi cai, dina sakuloneun lembur, ngaranna téh
Selapanjang, mana disebut Kawali, mana éta kitu tina caritana.
      Tuluy Ajar dibuburak, ku Ratu dititah balik, barang Ajar enggeus mulang,
Ratu nimbalan ka Patih, éh Patih jeung paramantri, geuwat ku manéh sarusul,
Ajar téh geura paéhan, cacag mangka bijil peujit, tuluy budal Patih reujeung
balad-balad.
      Ajar kasusul di jalan, direjeng ku paramantri, dicacag ditarumbakan, tapi
teu mental sahiji, keris tumbak reujeung bedil, kabéh éta mararintul, taya nu
néwek pisan, tuluy Ki Patih ngalahir, kersa Ratu Ajar kudu dipaéhan.
      Ditumbak kudu getihan, sarta kudu tijumpalik, éh kutan kitu kersana,
sumangga baé Ki Patih, mana kitu enggeus jangji, da kitu kersana Ratu, tuluy
Ajar téh ditumbak, sarta barijilan getih, tapi éta getih téh hérang kacida.

Sumber :    Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII